Artikel Terbaru

twitter

Jumat, 08 Februari 2013

Angin kasumba

Angin kasumba
(anisa wulandari)

kareta api nu indit jam tujuh geus ngadius ka wetanken. Simpe deui kaayaan di setatsion teh. Padahal aya keneh jalama nu ngajanteng lebah peron.tapi kabeh ge jempling taya nu lemek. Taya nu batuk-batuk acan.sabuderen setatsion masih dibanjur garimis.ti sore keneh hujan teh can raat bae.
Najan henteu gede,tapi matak wegah rumingkang.poe ieu mah,waktu teh beak dipake ngajentul disetatsion.mun teu salah,mimiti anjog teh jam dalapan isuk-isuk.wanci hanet moyan.teuing geus sabaraha hiji kareta api nu datang jeung nu indit teh.tapi nepi ka kiwari,tacan panggih keneh jeung nu didagoan.
Kuring netep ka jalma-jalma nu ngajanteng dina peron.Boa maranehna oge aya nu saniatan jeung kuring,ngadagoan hiji jalma,nganti nu mere jangji.Beda we patingharuleng,bangun hanjelu.katembongna liek deui,lieuk deui,nenjoan kareta anu datangna ti wetanken.
Poe tadi,basa rek indit ka kantor,manehna nelepon. "kang,dinten deui abdi ka Bandung.kaleresan enjing teh ngawitan lebet kuliah.papagkeun nya,di setatsion!"
"jam sabaraha angkatna?"
"Ayeuna oge tos bade jung!"
telepon ditutup.kuring pindah mobil,kana angkot jurusan setatsion.keun bae teu miluan apel oge. Angkeuhan teh,engke we asup mah jan dualas.nelepon heula ka kantor,dadakunamah ka rumah sakit,nganter pamajikan kontrol.
"kade euy,mun aya pamajikan nelepon,ulah dibejakeun euweuh!" ceuk kuring,ka sobat dalit dikantor,basa nelepon.
"beres lah,asal sing inget we!"
ceuk itungan,sajauhna oge tasik-bandung,kana kareta api mah dua jam oge nepi.dina elatna tilu jam.tapi jam sabelas berang,anu didagoan tacan ngurunyung.padahal apan ti tasik-na mah jam tujuh isuk-isuk. Ari ngadagoaan tea apan keselna teh leuwih-leuwih ti nu didagoan.di cobaan dikontak kana HP na,henteu nyambung bae.mailbox. Udud mah teuing geus beak sabaraha batang. Tina awahing kesel ngadagoan,jadi terus narawangan,nginget-nginget beungeut manehna. Geulis keneh kitu? Piraku ari robahmah,enya oge sabulan teu panggih.ongkoh apan manehna mah tara sabaraha dangdan,basajan bae.make tiung,diwedak ipis,dilipsik ipis.
Sangges liburan semester,manehna tangtu sono ka kota bandung jeung ka nu aya di bandung. Lain hayang-hayang teuing panggih jeung babaturanana di kampus kawasna mah. Atawa geus teu kuat kitu,hayang midang deui dina televisi,luyu jeung pancenna jadi penyiar acara kasundaan.
Ceuk kitu ceuk kieu oge,ayena kuring keur mapagkeun manehna,keur nganti-nganti manehna.satungtung can tepungmah,kuring rek terus cicing di dieu,di setatsion kareta api.upama terus ngejat,heg manehna datang,meuren kuring anu di sebut jalir jangji teh. Kira-kira wanci asar,setatsion mimiti di banjur cihujan,bet jadi inget kana catetan katukang.enya, hujan teh apan bisa dijieun kasempetan. Bisa ngarendeng bari di payung. kikicipritan kaluar ti kampus.
Tepung jeung manehna teh mimindengnamah mah di kampus. Da kitu ari ngajangjian teh,sok di kampus bae. Ari kampus Unpad,apan almamater kuring. Aya alesan upama mindeng jadi mahasiswa tanpa identitas teh. Ongkoh barudak sanggar seni masih keneh ngagupayan kuring, ngajak ilubiung deui. Daek we,dadakuna mah hayang nepungan manehna,lain jadi aktivis kampus.teuing kumaha mimitina deuih,manehna bet bisa jadi penyiar televisi.mawa acara kasundaan saban poe kemis.nya dina televisi,kuring bisa neuteup manehna leuwih eces,letwih leleb,da euweuh nu ngaharu-biru.ari lalajo televisi mah apan pagawean anu lumbrah,pamajikan oge moal nyarek,jeung moal apaleun upama anu keur dilalajoan awewe anu mindeng ditepungan ku kuring.
Dina televisi,kuring sok ngadenge sorana anu halimpu.puguhwe,da diracik ongkoh make sound system. Matak jadi penyiar oge,meureun sorana teh heunteu kasebut goreng, pon kitu deui rupana. Geus lain rusiah,hayang jadi penyiar mah kudu hade sora hade tangtungan.
Basa geus kadenge adan asar,aya telepon ti pamajikan.
"Di kantor keneh,pa?"
"euh,sumuhun,"
"tabuh sabaraha mulih?"
" teu acan tangtos,mah sigana mah aya lembur weungi ieu teh!"
"oh,kitu nya.mun uih,kade meser fried chicken tea.si bungsu nanaroskeun wae.geurd yeuh dangukeun!"
telepon jempe sakeudeung. Teu lila aya sora budak. Moal salah si bungsu.
"pa,meser ciken,nya.awas mun bohong"
"muhun"
angkehan teh memeh magrib oge manehna bakal nguruyung.piraku elat-elat teuing.nepi ka kiwari,teu katembong tiung-tiungna acan.
Garimis masih keneh turun.katembög patingborelak,jalma di lebah peron tinggal sababaraha urang deui.
Keur kitu hp di sada deui.
"pa! Dikantor keneh?"
'sumuhun',
"kieu pa,di bumi teh aya tamu!"
"si abah ti lebur?"
"sanes"
"bejakeun we atuh keur lembur kitu!"
"parantos eta oge,tapi bade ngantosan cenah. Istri,pa. Ari nyaurkeunana mah mahasiswi bapa. Abdi teh kerung, da raraosan,bapa mah heunteu kantos jadi dosen.ngange tiung.jangkung alij,nyandak tas ageung",
"saha cenah?"
"teu acan ditarosken jeunenganana mah. Bapa bade nyarios sareng anjeuna?"
"moal siganamah,"
kuring angger ngajanteng ngadagoan kareta api,sugan bae manehna aya di dinya.

0 komentar:

Posting Komentar

Twitter Delicious Facebook Digg Stumbleupon Favorites More